Halaman

Tampilkan postingan dengan label pituduh agama islam. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label pituduh agama islam. Tampilkan semua postingan

Senin, 30 Agustus 2021

Mas Kawin / Mahar

Mahar teh hak istri. Ku margi kitu istri hak menta mahar (mas kawin) ka nu jadi salaki, ditangtukeun ageungna


nurutkeun kamampuhanana anu jadi salaki, sareng anu jadi salaki kedah masihan mas kawin ka nu jadi pamajikanana anu saageung-ageungna nurutkeun kakuatanana, ulah ngabeuratkeun awakna sorangan anu sakira-kira moal kabayar, da awewe oge teu kenging nyuhunkeun mas kawin anu pibeurateun salakina.

Mas kawin teh ditangtoskeunana sateuacanna akad nikah, maksadna supaya dina ijab-kabul kacandak ku kecap wali, seueurna atanapi ageungna. Nya kitu deui supados kabantun dina jawaban panganten pameget, boh kontan atanapi dihutang. Margi mas kawin teh tiasa dibayar kontan atanapi di hutang samentara waktos. Salajengna mas kawin tes tiasa bebas teu dibayar, upami pertikahana pasekh. (kusabab cacad istri, atawa gelo atawa boga panyakit nular) lajeng lalakina dongkap ka Hakim, ku Hakim di putuskeun, oge eta pamajikan teu acan dicampuran mondok, eta teu kedah di bayar mas kawinna.

Tapi upami pisahna salaki jeung pamajikan teh ku jalan talak, sarta teu acan dikuleman (dihadean), ieu mah satengah mas kawin kengingna dibayar, satengahna deui dibebaskeun bae. Upami geus dikuleuman mah kedah bae dibayar sadaya. Dina talak sareng dina pasah oge upami geus “hade” mah kedah dibayar sadaya.

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Wali Nikah



Panganten moal tiasa di tikahkeun, upami teu aya salah sawiosna wali nikah nu diantarana:

1.       Rama panganten awewe (disebut wali mujbir ka-1)

2.       Aki panganten awewe (disebut wali mujbir ka-2)

3.       Dulur lalaki panganten awewe anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2.

4.       Anak lalaki ti dulur lalaki anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3.

5.       Amang atawa uwa lalaki panganten awewe ti pihak bapa, anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4.

6.       Anak lalaki uwa/amang anu saindung sabapa sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4-5.

7.       Wali hakim, upami parantos teu aya nomer 1-2-3-4-5-6.

Dupi wali hakim tiasa ngawalaian/nikahkeun panganten teh, saupamina:

a.    Wali ti nomer hiji dugi ka nomer genep di luhur parantos almarhum sadayana.

b.    Atanapi wali nikah, tebih lalakon dua dinten dua wengi di jalanna ku angkat. (Dina buku Modana di jentrekeun yen jauhna sakitar 100 KM, kumargi jaman kapungkur mah teu acan aya kandaraan)

c.    Upami sadaya piwalieun anu di luhur, teu terang dimana ayana / teu terang tempatna (mafqud)

d.    Upami sadayana piwalieun teh teu aya urang Islam.

8.       Wali adhol, nyaeta hiji wali anu teu siap ngawalian anu salajeungna di putus ku pangadilan supaya di tikahkeun atawa ku make surat pernyataan teu satuju/moal ngawalian. Bari eta surat teh di tanda hareupeun hakim, eta oge bisa di tikahkeun ku panghulu (wali adhol) ngaranna.

9.       Tahkim, nyaeta dimana panganten awewe ngangkat hakim sareng panganten lalaki, upama eta budah awewe tos teu boga piwalieun.

10.    Wali anak (pindah hak wali) nyaeta anak tiasa ngawalian indung, upami eta budah lalaki teh hasil tina pertikahan antara dulur misan anu bapana saindung-sabapa atawa sabapa wungkul (eta pindah wali ngaranna).

 

Syarat Wali Nikah:

1.     Piwalieun teh akalna sehat

2.     Merdeka dirina, sanes jelema beulian (abid)

3.     Piwalieun teh urang Islam sanes kapir

4.     Baligh sarta sehat akal, mun budak keneh atanapi gelo, teu tiasa janten wali

5.     Lalaki, sanes awewe atawa wandu

6.     Adil, tara boga bohong tara ngalakukeun dosa gede dihaja, saperti zinah, maehan atawa nginum anu matak mabok

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Minggu, 29 Agustus 2021

SUSUNAN ISTRI-ISTRI ANU TEU KENGING DITIKAH (Bagian 2)


 teu kenging ditikah lantaran sa-susu

Diantawisna istri-istri anu teu kenging ditikah teh, sajabi ti turunan nasab, aya deui nyaeta tina perkawis anu sa-susu saperti conto ieu di handap :

1.     Ibu susu (awewe anu nyusuan ka murangkalih pameget) tah eta murangkalih dimana parantos dewasa teu kenging nikah ka nu nyusuan manehna tadi, teu sah nikah (haram).( geus mufakat sadaya ulama, nas Qur’an)

2.     Bapa susuan, upami eta budak anu nyusu teh awewe, salaki anu disusuan ku eta budak awewe tea, dimana eta budak geus dewasa, poma pisan ulah rek di kawinken ka salakina anu nyusuan tadi tea.

3.     Hiji budak awewe,nyusu ka hiji awewe nu boga anak, eta oge teu sah nikahna budak awewe ka sadaya anak anu disusuan ku eta budak awewe tea.

4.     Budak anu nyusu tadi dina no.3 sami teu kenging nikah ka rakana/rai na anu nyusukeun tea (paman,bibi, uwa susu disebutna), atanapi ramana, akina, ibuna, ninina anu nyusukeun.

5.     Dulur susu mah sareng putra nu nyusuanana janten dulur, nu mawi sing atos atos, nyusukeun murangkalih teh, bilih jagana palay ngajodokeun eta murangkalih. Malah sok nguping aya istri ngalahirkeun kembar, hiji istri hiji deui pameget, majar teh ieu mah parantos nyandak pijodoeun murangkalih teh, atuh ku sepuhna teh dipisah bae supaya ulah sa susu dan ceuk anggapana anu teu sah ditikahkeun teh ku sabab sa susuan. Padahal dulur sagetih mah langkung dulur sa susu.

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara 

SUSUNAN ISTRI-ISTRI ANU TEU KENGING DITIKAH ( Bagian 1)

 teu kenging ditikah Tina jajaran turunan (nasab)


Dupi turunan teh aya tilu rupi :

a)     Anu sa ibu sa rama

b)     Sarama wungkul

c)     Sa ibu wugkul

Tah ieu tilu pihakanana oeg teu kenging ditikah (haram hukumna) parantos saluyu para ulama sareng Qur’an Surat An-Nisa ayat 23, contona :

1.     Indung urang teges atawa tere, nini sareng saterasna ka luhur ti jajaran indung

2.     Nini, buyut sareng saterasna ka luhur, ti jajaran bapa urang

3.     Anak,incu urang teras ka handapna pisan

4.     Dulur awewe,boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul.

5.     Bibi ti bapa, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng bapa.

6.     Bibi ti indung, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng indung.

7.     Uwa istri ti bapa, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng bapa.

8.     Uwa istri ti indung, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng indung.

9.     Anak adi lalaki, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng urang.

10.  Anak adi awewe, boh sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng urang.


By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara 

Nikah

Pituduh Ti Bagian Agama Islam

Bismillahirrohmanirrohiim

Anu kenging/sah ditikah sajabina ti istri biasa anu teu aya kawargian, aya deui nyaeta : 


1)     Upami urang boga bapa tere bogaeun anak awewe ti bojona anu ti heula, eta kenging di tikah ku urang. Nu kitu nikah pateterean jenenganana.

2)     Bapa tere urang bogaeun ibu, eta oge sah ditikah ku urang, disebutna meureun urang teh nikah ka nini tere.

3)     Anak urang awewe oga salaki, salakina ti bojo anu ti hela bogaeun anak awewe, eta oge sah ditikah ku urang, disebutna nikah ka incu tere.

4)     Minantu urang bogaeun indung, tah eta oge sah ditikah ku urang, disebutna nikah ka besan.

5)     Urang lalaki, indung tere urang bogaeun anak awewe, eta oge sah dikawin ku urang (nikah pateterean)

6)     Anak urang boga pamajikan, bogaeun anak tere ti salakina anu ti heula, eta oge sah beunang ditikah ku urang. Jadi meureun urang sami sareng nikah ka incu tere (urang ka anak jadi mitoha).

7)     Anak urang boga pamajikan,aya keneh dulur awewena hiji deui, roy bae urang bogoh ka eta adina teh, prak bae tikah da eta oge sah di tikah ku urang. Meureun urang teh sa mitoha jeng anak.

8)     Bapa urang ngawayuh boga anak tere awewe, eta oge sah ditikah ku urang.

9)     Anak angkat sah ditikah, upami teu kantos nyusu ka bojo urang leuwih ti dua kali wareg.

10)  Tilas istri guru urang kenging ditikah ku urang, benten deui sareng tilas istri Rosul, eta mah teu kenging aya deui anu nikah. Ieu anu kasebat diluhur leres oge kenging naming sual adab (teu sopan) kirang sae kakupingna kirang sae ka tinggalna.

11)  Putra uwa, putra paman/bibi oge , kenging ditikah asal teu kantos pacorok nyusuanana. Namung numutkeun panalungtikan mah upami nikah ka kulawarga caket teuing teh matak awon turunan (lemah turunan) kirang pinter murangkalihna. 


By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara 

NGALAMAR

Pituduh Ti Bagian Agama Islam

Bismillahirrohmanirrohiim

Upami pameget bade ngalamar :

1.    Teu kenging ngalamar istri anu parantos dilamar ku pameget anu sanes, sarta eta lamaran teh ditampi, margi bakal aya akibat mumusuhan. Larangan ieu disebatkeun dina dawuhan Rasululloh, sabab anu nampi lamaran istri parawan sanes murangkalihna tapi ibu ramana, dupi anu nampi lamaran istri rand amah sanes sepuhna tapi jinisna sorangan, janten moal aya jalan mumusuhan sareng sepuhna da langsung tea.



2.    Teu kenging ngalamar istri anu di pasakh ku pengadilan agama, diputus pipisahan kangge sementawis, anu engke na tiasa diwangsulan deui. Nya kitu deui teu kenging ngalamar istri anu di tholaq khulu, hartosna tholaq tebus (si istri nebus tholaq ka caroge na sakurang kurangna sa ageung mas kawin). Tah anu kitu teu kenging terus terang dilamarna kedah nganggo basa sindiran, contona sapertos kieu : “ upami parantos seep iddah neng, wartosan bae akang” . Tah anu kitu anu disebut sindiran teh.

3.    Teu kenging ngalamar istri anu dikantun maot ku carogena sateuacan seep iddahna, nyaeta iddahna teh opat bulan sapuluh poe.


By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara


KAWAJIBAN SEPUH KA PUTRA

Pituduh Ti Bagian Agama Islam

Bismillahirrohmanirrohiim

1.    Upami kagungan putra parantos akil baligh, cukup dewasa, boh putra istri atanapi pameget, satiasa tiasa kedah enggal diusahakeun ditikahkeun, luyu sareng dawuhan Rasululloh anu unggelan kieu ; Sing saha anu boga anak,buru buru ngaranan, anu alus sarta sopan. Jeung sing saha nu boga anak geus akil baligh, geus dewasa, kudu diusahakeun buru buru ditikahkeun, sabab lamun eta budak teu gancang gancang di ditikahkeun tuluy tikosewad kana kamaksiatan lantaran teu tahan nahan syahwat, kolotna bakal kabagean goreng jeung dosana ti eta budak tea.

2.    Peryogi diemutkeun, ulah palay nikahkeun putra sateuacan dewasa, margi murangkalih di bawah umur kirang kiat kanggo mayunan rumah tangga sareng awon kagungan putra tina bibit ngora, murangkalihna kirang bagja.

3.    Upami putra istri parantos nyuhunken di walian (dikawinkeun) enggal rama ngalaksanakeun pameredihna, margi eta wajib hukumna, kanggo ngajagi murangkalih tumiba kana dosa, upami teu enggal nikah, boh bilih eta murangkalih kagungan putra henteu sah. Kanggo urang mah na’udzubillah anu hartosna abdi nyalindung ka Gusti Alloh tina godaan kajahatan syetan.

4.    Upami wali Bapa atanapi wali Aki bade nikahkeun murangkalih istri parawan mah, tiasa teu aya idin eta murangkalih oge. Namung sanaos kitu tetep kedah naros hela eta murangkalih. Upami nyata nyata eta murangkalih teh alimeun karana parantos gaduh pacangan anu sanes, sarta teu beda agama, wayahna si Bapa atawa Aki tea kedah ngelehan anjen. Nurut kana kahayangna budak tea, margi anu baris ngarandapan saterasna nyatea murangkalihna. Sawangsulna upami wali Bapa atanapi Aki bade ngawinkeun putra istri anu parantos randa, eta mah kedah leres leres hasil pilihan manehna. Bapa atanapi Aki mah darma ngawalian dina waktosna, tapi ieu oge anu sa agama (agama Islam). Upami teu sa agama parantos di Nas dina Qur’an, teu kenging Wanita muslim nikah ka lalaki sanes islam

by.admin

              Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara 


artikel nu sering di aos

Lakakon Ti Cianjur

  lEU buku eusina kumpulan carita atawa kajadian man gsa lawas di wewengkon Cianjur, anu ditepikeun patatalepa. Lamun kapanggih bukti tinuli...

artkel nu sering dipintonan