teu kenging ditikah lantaran sa-susu
Diantawisna istri-istri
anu teu kenging ditikah teh, sajabi ti turunan nasab, aya deui nyaeta tina
perkawis anu sa-susu saperti conto ieu di handap :
1. Ibu susu (awewe anu
nyusuan ka murangkalih pameget) tah eta murangkalih dimana parantos dewasa teu
kenging nikah ka nu nyusuan manehna tadi, teu sah nikah (haram).( geus mufakat
sadaya ulama, nas Qur’an)
2. Bapa susuan, upami eta
budak anu nyusu teh awewe, salaki anu disusuan ku eta budak awewe tea, dimana
eta budak geus dewasa, poma pisan ulah rek di kawinken ka salakina anu nyusuan tadi
tea.
3. Hiji budak awewe,nyusu ka
hiji awewe nu boga anak, eta oge teu sah nikahna budak awewe ka sadaya anak anu
disusuan ku eta budak awewe tea.
4. Budak anu nyusu tadi dina
no.3 sami teu kenging nikah ka rakana/rai na anu nyusukeun tea (paman,bibi, uwa
susu disebutna), atanapi ramana, akina, ibuna, ninina anu nyusukeun.
5. Dulur susu mah sareng
putra nu nyusuanana janten dulur, nu mawi sing atos atos, nyusukeun murangkalih
teh, bilih jagana palay ngajodokeun eta murangkalih. Malah sok nguping aya
istri ngalahirkeun kembar, hiji istri hiji deui pameget, majar teh ieu mah
parantos nyandak pijodoeun murangkalih teh, atuh ku sepuhna teh dipisah bae
supaya ulah sa susu dan ceuk anggapana anu teu sah ditikahkeun teh ku sabab sa
susuan. Padahal dulur sagetih mah langkung dulur sa susu.
By.Admin
Dicutat tina Buku Modana
Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Tidak ada komentar:
Posting Komentar