teu kenging ditikah Tina jajaran turunan (nasab)
Dupi turunan teh
aya tilu rupi :
a) Anu sa ibu sa rama
b) Sarama wungkul
c) Sa ibu wugkul
Tah ieu tilu
pihakanana oeg teu kenging ditikah (haram hukumna) parantos saluyu para ulama
sareng Qur’an Surat An-Nisa ayat 23, contona :
1. Indung urang teges atawa
tere, nini sareng saterasna ka luhur ti jajaran indung
2. Nini, buyut sareng
saterasna ka luhur, ti jajaran bapa urang
3. Anak,incu urang teras ka handapna
pisan
4. Dulur awewe,boh sa indung-sa
bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul.
5. Bibi ti bapa, boh sa
indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng bapa.
6. Bibi ti indung, boh sa
indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng indung.
7. Uwa istri ti bapa, boh sa
indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng bapa.
8. Uwa istri ti indung, boh
sa indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng indung.
9. Anak adi lalaki, boh sa
indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng urang.
10. Anak adi awewe, boh sa
indung-sa bapa, sa bapa wungkul,atawa sa ibu wungkul sareng urang.
By.Admin
Dicutat tina Buku Modana
Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Tidak ada komentar:
Posting Komentar