Pituduh Ti Bagian Agama Islam
Bismillahirrohmanirrohiim
Anu kenging/sah ditikah sajabina ti istri biasa anu teu aya kawargian, aya deui nyaeta :
1) Upami urang boga bapa tere
bogaeun anak awewe ti bojona anu ti heula, eta kenging di tikah ku urang. Nu kitu
nikah pateterean jenenganana.
2) Bapa tere urang bogaeun
ibu, eta oge sah ditikah ku urang, disebutna meureun urang teh nikah ka nini
tere.
3) Anak urang awewe oga
salaki, salakina ti bojo anu ti hela bogaeun anak awewe, eta oge sah ditikah ku
urang, disebutna nikah ka incu tere.
4) Minantu urang bogaeun
indung, tah eta oge sah ditikah ku urang, disebutna nikah ka besan.
5) Urang lalaki, indung tere
urang bogaeun anak awewe, eta oge sah dikawin ku urang (nikah pateterean)
6) Anak urang boga pamajikan,
bogaeun anak tere ti salakina anu ti heula, eta oge sah beunang ditikah ku
urang. Jadi meureun urang sami sareng nikah ka incu tere (urang ka anak jadi
mitoha).
7) Anak urang boga pamajikan,aya
keneh dulur awewena hiji deui, roy bae urang bogoh ka eta adina teh, prak bae
tikah da eta oge sah di tikah ku urang. Meureun urang teh sa mitoha jeng anak.
8) Bapa urang ngawayuh boga
anak tere awewe, eta oge sah ditikah ku urang.
9) Anak angkat sah ditikah,
upami teu kantos nyusu ka bojo urang leuwih ti dua kali wareg.
10) Tilas istri guru urang
kenging ditikah ku urang, benten deui sareng tilas istri Rosul, eta mah teu
kenging aya deui anu nikah. Ieu anu kasebat diluhur leres oge kenging naming sual
adab (teu sopan) kirang sae kakupingna kirang sae ka tinggalna.
11) Putra uwa, putra paman/bibi
oge , kenging ditikah asal teu kantos pacorok nyusuanana. Namung numutkeun
panalungtikan mah upami nikah ka kulawarga caket teuing teh matak awon turunan
(lemah turunan) kirang pinter murangkalihna.
By.Admin
Dicutat tina Buku Modana
Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Tidak ada komentar:
Posting Komentar