Halaman

Sabtu, 04 September 2021

Lakakon Ti Cianjur

 


lEU buku eusina kumpulan carita atawa kajadian man gsa lawas di wewengkon Cianjur, anu ditepikeun patatalepa. Lamun kapanggih bukti tinulisna mah meureun ieu carita teh bisa disebut sajarah, da ari bukti arkeologina mah di antarana loba anu geus aya. Aya oge carita patatalepa sejenna tapi boh bukti tinulis boh bukti arkeologina teunyampak. N gan ku sabab eta carita aya dipiboga ku masarakat, dina ieu buku didokumentasikeun. Ku sabab carita samodel kieu ku pihak sejen can dicatet, tangtu bae ieu buku bakal jadi pangaweruh anyar. * * *

Download Buku Pdf Lalakon Ti Cianjur

Senin, 30 Agustus 2021

Mas Kawin / Mahar

Mahar teh hak istri. Ku margi kitu istri hak menta mahar (mas kawin) ka nu jadi salaki, ditangtukeun ageungna


nurutkeun kamampuhanana anu jadi salaki, sareng anu jadi salaki kedah masihan mas kawin ka nu jadi pamajikanana anu saageung-ageungna nurutkeun kakuatanana, ulah ngabeuratkeun awakna sorangan anu sakira-kira moal kabayar, da awewe oge teu kenging nyuhunkeun mas kawin anu pibeurateun salakina.

Mas kawin teh ditangtoskeunana sateuacanna akad nikah, maksadna supaya dina ijab-kabul kacandak ku kecap wali, seueurna atanapi ageungna. Nya kitu deui supados kabantun dina jawaban panganten pameget, boh kontan atanapi dihutang. Margi mas kawin teh tiasa dibayar kontan atanapi di hutang samentara waktos. Salajengna mas kawin tes tiasa bebas teu dibayar, upami pertikahana pasekh. (kusabab cacad istri, atawa gelo atawa boga panyakit nular) lajeng lalakina dongkap ka Hakim, ku Hakim di putuskeun, oge eta pamajikan teu acan dicampuran mondok, eta teu kedah di bayar mas kawinna.

Tapi upami pisahna salaki jeung pamajikan teh ku jalan talak, sarta teu acan dikuleman (dihadean), ieu mah satengah mas kawin kengingna dibayar, satengahna deui dibebaskeun bae. Upami geus dikuleuman mah kedah bae dibayar sadaya. Dina talak sareng dina pasah oge upami geus “hade” mah kedah dibayar sadaya.

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Wali Nikah



Panganten moal tiasa di tikahkeun, upami teu aya salah sawiosna wali nikah nu diantarana:

1.       Rama panganten awewe (disebut wali mujbir ka-1)

2.       Aki panganten awewe (disebut wali mujbir ka-2)

3.       Dulur lalaki panganten awewe anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2.

4.       Anak lalaki ti dulur lalaki anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3.

5.       Amang atawa uwa lalaki panganten awewe ti pihak bapa, anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4.

6.       Anak lalaki uwa/amang anu saindung sabapa sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4-5.

7.       Wali hakim, upami parantos teu aya nomer 1-2-3-4-5-6.

Dupi wali hakim tiasa ngawalaian/nikahkeun panganten teh, saupamina:

a.    Wali ti nomer hiji dugi ka nomer genep di luhur parantos almarhum sadayana.

b.    Atanapi wali nikah, tebih lalakon dua dinten dua wengi di jalanna ku angkat. (Dina buku Modana di jentrekeun yen jauhna sakitar 100 KM, kumargi jaman kapungkur mah teu acan aya kandaraan)

c.    Upami sadaya piwalieun anu di luhur, teu terang dimana ayana / teu terang tempatna (mafqud)

d.    Upami sadayana piwalieun teh teu aya urang Islam.

8.       Wali adhol, nyaeta hiji wali anu teu siap ngawalian anu salajeungna di putus ku pangadilan supaya di tikahkeun atawa ku make surat pernyataan teu satuju/moal ngawalian. Bari eta surat teh di tanda hareupeun hakim, eta oge bisa di tikahkeun ku panghulu (wali adhol) ngaranna.

9.       Tahkim, nyaeta dimana panganten awewe ngangkat hakim sareng panganten lalaki, upama eta budah awewe tos teu boga piwalieun.

10.    Wali anak (pindah hak wali) nyaeta anak tiasa ngawalian indung, upami eta budah lalaki teh hasil tina pertikahan antara dulur misan anu bapana saindung-sabapa atawa sabapa wungkul (eta pindah wali ngaranna).

 

Syarat Wali Nikah:

1.     Piwalieun teh akalna sehat

2.     Merdeka dirina, sanes jelema beulian (abid)

3.     Piwalieun teh urang Islam sanes kapir

4.     Baligh sarta sehat akal, mun budak keneh atanapi gelo, teu tiasa janten wali

5.     Lalaki, sanes awewe atawa wandu

6.     Adil, tara boga bohong tara ngalakukeun dosa gede dihaja, saperti zinah, maehan atawa nginum anu matak mabok

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

artikel nu sering di aos

Lakakon Ti Cianjur

  lEU buku eusina kumpulan carita atawa kajadian man gsa lawas di wewengkon Cianjur, anu ditepikeun patatalepa. Lamun kapanggih bukti tinuli...

artkel nu sering dipintonan