Halaman

Tampilkan postingan dengan label tali paranti. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label tali paranti. Tampilkan semua postingan

Senin, 30 Agustus 2021

Mas Kawin / Mahar

Mahar teh hak istri. Ku margi kitu istri hak menta mahar (mas kawin) ka nu jadi salaki, ditangtukeun ageungna


nurutkeun kamampuhanana anu jadi salaki, sareng anu jadi salaki kedah masihan mas kawin ka nu jadi pamajikanana anu saageung-ageungna nurutkeun kakuatanana, ulah ngabeuratkeun awakna sorangan anu sakira-kira moal kabayar, da awewe oge teu kenging nyuhunkeun mas kawin anu pibeurateun salakina.

Mas kawin teh ditangtoskeunana sateuacanna akad nikah, maksadna supaya dina ijab-kabul kacandak ku kecap wali, seueurna atanapi ageungna. Nya kitu deui supados kabantun dina jawaban panganten pameget, boh kontan atanapi dihutang. Margi mas kawin teh tiasa dibayar kontan atanapi di hutang samentara waktos. Salajengna mas kawin tes tiasa bebas teu dibayar, upami pertikahana pasekh. (kusabab cacad istri, atawa gelo atawa boga panyakit nular) lajeng lalakina dongkap ka Hakim, ku Hakim di putuskeun, oge eta pamajikan teu acan dicampuran mondok, eta teu kedah di bayar mas kawinna.

Tapi upami pisahna salaki jeung pamajikan teh ku jalan talak, sarta teu acan dikuleman (dihadean), ieu mah satengah mas kawin kengingna dibayar, satengahna deui dibebaskeun bae. Upami geus dikuleuman mah kedah bae dibayar sadaya. Dina talak sareng dina pasah oge upami geus “hade” mah kedah dibayar sadaya.

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Wali Nikah



Panganten moal tiasa di tikahkeun, upami teu aya salah sawiosna wali nikah nu diantarana:

1.       Rama panganten awewe (disebut wali mujbir ka-1)

2.       Aki panganten awewe (disebut wali mujbir ka-2)

3.       Dulur lalaki panganten awewe anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2.

4.       Anak lalaki ti dulur lalaki anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3.

5.       Amang atawa uwa lalaki panganten awewe ti pihak bapa, anu saindung-sabapa atawa sabapa wungkul sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4.

6.       Anak lalaki uwa/amang anu saindung sabapa sareng bapana panganten awewe. Saupami tos teu ata nu kasebat dina nomer 1-2-3-4-5.

7.       Wali hakim, upami parantos teu aya nomer 1-2-3-4-5-6.

Dupi wali hakim tiasa ngawalaian/nikahkeun panganten teh, saupamina:

a.    Wali ti nomer hiji dugi ka nomer genep di luhur parantos almarhum sadayana.

b.    Atanapi wali nikah, tebih lalakon dua dinten dua wengi di jalanna ku angkat. (Dina buku Modana di jentrekeun yen jauhna sakitar 100 KM, kumargi jaman kapungkur mah teu acan aya kandaraan)

c.    Upami sadaya piwalieun anu di luhur, teu terang dimana ayana / teu terang tempatna (mafqud)

d.    Upami sadayana piwalieun teh teu aya urang Islam.

8.       Wali adhol, nyaeta hiji wali anu teu siap ngawalian anu salajeungna di putus ku pangadilan supaya di tikahkeun atawa ku make surat pernyataan teu satuju/moal ngawalian. Bari eta surat teh di tanda hareupeun hakim, eta oge bisa di tikahkeun ku panghulu (wali adhol) ngaranna.

9.       Tahkim, nyaeta dimana panganten awewe ngangkat hakim sareng panganten lalaki, upama eta budah awewe tos teu boga piwalieun.

10.    Wali anak (pindah hak wali) nyaeta anak tiasa ngawalian indung, upami eta budah lalaki teh hasil tina pertikahan antara dulur misan anu bapana saindung-sabapa atawa sabapa wungkul (eta pindah wali ngaranna).

 

Syarat Wali Nikah:

1.     Piwalieun teh akalna sehat

2.     Merdeka dirina, sanes jelema beulian (abid)

3.     Piwalieun teh urang Islam sanes kapir

4.     Baligh sarta sehat akal, mun budak keneh atanapi gelo, teu tiasa janten wali

5.     Lalaki, sanes awewe atawa wandu

6.     Adil, tara boga bohong tara ngalakukeun dosa gede dihaja, saperti zinah, maehan atawa nginum anu matak mabok

 

By.Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Minggu, 29 Agustus 2021

Bebesanan

 Ieu  blog ngaguar perkawis adat tali paranti karuhun, tina hal pok-pokanana, pasang petana, aturan katut ugeranana, ti ngawitan neundeun omong, narosan, seserahan, ngeuyeuk seureuh. Walimahan, nyawer, dugi ka buka pintu dipungkas ku huap lingkung.


Modana, janten karaos pentingna, ku sugri nu ngaraos janten sepuh anu dipikolot, anu sok dipentes kanggo narosan, nyerenkeun, atanapi nampi pipanganteneun.

Rupina upami pareng kenging pancen di nu kariaan teh moal gupuy gapay teuing.

Ka emut pisan sepuh sepuh entragan beh ditu, tos narungtutan nilar, para ahli perkawis upacara adat di urang tos seueur an teu aya. Mudah mudahan ieu blog, adat tali paranti karuhun teh bawairaos moal dugi ka tumpur, janten entragan sapandeurianana, henteu kedah gupuy gapay deui.

Kantenan Modana, teh henteu kinten pentingna kanggo sakumna urang sunda, disagedengeun ajen ajen dokumentasina, oge tiasa diungkab dianggo bahan kanggo upacara adat dina nikahkeun.   

 

by.admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Penerbit : PT Mangle Panglipur 1994

Pihatur

Di  cutat tina judul Buku Modana, karangan R.H Uton Muchtar , Ki Umbara Terbitan PT.Mangle Panglipur tahun 1994. Modana, ngabantun kecap nu aya di baduy, hartos rangkepanana ngabesan. Teu tebih ti bebesanan di pasundan.

Aya nu maparin terang ‘modana’ teh basa sangsakerta nu hartosna ; suka,bungah,gumbira, cinta, kacintaan,asih,kakasih. Aya deui nu nerangkeun, cenah modana teh pondokna tina “modanakarya”, nu hartosna ; padamelan nu husus nepangkeun cinta ngajadi nyata.

Kitu purwana nu mawi ieu blog dinamian Modana teh, wireh eusina medar sugri nu aya patalina sareng padamelan modanakarya, nu subaya sangkan nyata, nu pasini pambrih bukti, nutur galur para karuhun tatana para bujangga ulah dilanggar.

Sadayana oge parantos moal bireuk deui, seuseurna anu nikahkeun kedah bae nganggo upacara adat (sunda) nyaeta ; seserahan, ngeuyeuk seureuh, nyawer, bantayan, huap lingkung sste.

Katenan anu ngajejeran atanapi ngaluluguan eta upacara-upcara teh kedah anu uninga, kedah ahlina, supados henteu nguciwakeun ka nu sami nyaksian.

Ku margi kiwari mah anu disebat ahlina teh parantos teu kinten kirangna, kawuwuh dina mendakna oge teu acan tangtos tiasa dipuntangan, jalaran pambengan, ku udur tea,ku angkat angkatan tebih tea atanapi bentrok waktosna, ti batan pugag biasana nu kagungan maksad teh – boh ti pihak panganten pamaget boh ti pihak panganten istri- sok lajeng mundut pitandang kanu asal sepuh. Anu dipundutan pitandangna sanajan ngaraos sanes ahlina tara sok wasaeun mogogan, dibelaan gupuy gapay tataros ka ditu ka dieu.

Terang kana kanyataan kitu, kalayan maksad sasieureun sabenyeureun manawi, aya gunana ka sugri anu mikabutuh, sakadar ulah nolog teuing dina prakna ngalaksanakeun upacara adat modana.

Minangka pamungkas nghaturkeun nuhun ka pangarang buku Modana, R.H Uton Muchtar , sareng Ki Umbara, mudah-mudahan Alloh SWT maparin amal kasaean ka aranjeuna, tina karya tulis buku modana, nu baris bakal di pedar. Sim kuring  neda agung cukup lumur neda jembar pangampura. Nu lepat anu awon ulah dianggo, nu teu merenah ulah jadi kekeling panggalih.

 

Admin

Dicutat tina Buku Modana

Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Penerbit : PT Mangle Panglipur 1994

artikel nu sering di aos

Lakakon Ti Cianjur

  lEU buku eusina kumpulan carita atawa kajadian man gsa lawas di wewengkon Cianjur, anu ditepikeun patatalepa. Lamun kapanggih bukti tinuli...

artkel nu sering dipintonan