Mahar teh hak istri. Ku margi kitu istri hak menta mahar (mas kawin) ka nu jadi salaki, ditangtukeun ageungna
nurutkeun kamampuhanana anu jadi salaki, sareng anu jadi salaki kedah masihan mas kawin ka nu jadi pamajikanana anu saageung-ageungna nurutkeun kakuatanana, ulah ngabeuratkeun awakna sorangan anu sakira-kira moal kabayar, da awewe oge teu kenging nyuhunkeun mas kawin anu pibeurateun salakina.
Mas kawin teh ditangtoskeunana sateuacanna akad nikah,
maksadna supaya dina ijab-kabul kacandak ku kecap wali, seueurna atanapi
ageungna. Nya kitu deui supados kabantun dina jawaban panganten pameget, boh
kontan atanapi dihutang. Margi mas kawin teh tiasa dibayar kontan atanapi di
hutang samentara waktos. Salajengna mas kawin tes tiasa bebas teu dibayar, upami
pertikahana pasekh. (kusabab cacad istri, atawa gelo atawa boga panyakit nular)
lajeng lalakina dongkap ka Hakim, ku Hakim di putuskeun, oge eta pamajikan teu
acan dicampuran mondok, eta teu kedah di bayar mas kawinna.
Tapi upami pisahna salaki jeung pamajikan teh ku jalan talak,
sarta teu acan dikuleman (dihadean), ieu mah satengah mas kawin kengingna
dibayar, satengahna deui dibebaskeun bae. Upami geus dikuleuman mah kedah bae
dibayar sadaya. Dina talak sareng dina pasah oge upami geus “hade” mah kedah dibayar
sadaya.
By.Admin
Dicutat tina Buku Modana
Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Tidak ada komentar:
Posting Komentar