Pituduh Ti Bagian Agama Islam
Bismillahirrohmanirrohiim
Upami pameget bade ngalamar
:
1.
Teu kenging ngalamar istri anu
parantos dilamar ku pameget anu sanes, sarta eta lamaran teh ditampi, margi
bakal aya akibat mumusuhan. Larangan ieu disebatkeun dina dawuhan Rasululloh,
sabab anu nampi lamaran istri parawan sanes murangkalihna tapi ibu ramana, dupi
anu nampi lamaran istri rand amah sanes sepuhna tapi jinisna sorangan, janten
moal aya jalan mumusuhan sareng sepuhna da langsung tea.
2.
Teu kenging ngalamar istri anu
di pasakh ku pengadilan agama, diputus pipisahan kangge sementawis, anu engke
na tiasa diwangsulan deui. Nya kitu deui teu kenging ngalamar istri anu di tholaq
khulu, hartosna tholaq tebus (si istri nebus tholaq ka caroge na sakurang
kurangna sa ageung mas kawin). Tah anu kitu teu kenging terus terang dilamarna
kedah nganggo basa sindiran, contona sapertos kieu : “ upami parantos seep iddah
neng, wartosan bae akang” . Tah anu kitu anu disebut sindiran teh.
3.
Teu kenging ngalamar istri anu
dikantun maot ku carogena sateuacan seep iddahna, nyaeta iddahna teh opat bulan
sapuluh poe.
By.Admin
Dicutat tina Buku Modana
Karangan ; R.H Uton Muchtar , Ki Umbara

Tidak ada komentar:
Posting Komentar